Jumat, 21 Desember 2012


Kiwari Urang Keur Tunggara
Aya Dina Panggeureuh Nu Kawasa
Ku Lantaran Kanyaah Anjeuna
Ka Urang Salaku Umatna
Mun Urang Ngagugu Nafsu
Asa Teu Puguh Laku
Awak Sakujur Kaku
Otak Pinter Ge Bisa Beku
Akibat Prilaku Sorangan
Badan Jadi Ka Tempuhan
Dina Hate Ngan Hanjakal
Kana Langkah Nu Mahiwal
Cukup Kuring Nu Ngalaman
Hanjakal Teu Tineukanan
Ieu Carita Nyata Di Dunya
Pangalaman Anak Manusia
Tiap Jalma Beda Perkara
Rupa-rupa Masalahna
Kuring Yakin Ieu Cocoba
Tanda Cinta Nu Maha Kawasa
Urang Mah sakadar Wayang
Hirup Usik Kumaha Dalang
Carita Pondok Jeung Panjang
Kabeh Aya Bilangan
“ Ieu Sakadar Hanjelu Anak Manusia Nu Di Penjara”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar